Senin, 22 September 2014

DONGENG TI LEMBUR



C

Carita Dongeng Parabel


Ki Minan Jeung Ki Linan
     Dina hiji lembur , katelah lemburna Cibeureum , di daerah Bogor aya dua aki- aki anak jeung bapa ngarananateh ki Linan Jeung Ki Minan, di caritakeun jaman bah Ali bapa ti bah Anam, atawa aki ti bapa Aca ( bapa simkuring) , yen eta Kiminan Jeung Kilinan teh ka asup ka jalma anu sakti, di sebut kitu sabab loba kajadian - kajadian anu di luar logika, saumpamana eta lembur rek didatangan ku angin gede sok ngabejaan, jeung sok mentaan beas sakeupeul ngomongnamah jung salametan di kidul, duka teuing di mana- mana namah. sajaba ti eta, Kiminan Jeung Kilinan teh boga tutunggangan mangrupa sajenis Meong anu gede, ieu sakumaha cek bah Anam dina hiji riungan, saba'dana salametan kilinan ngomong na abah Anam, "cu bisi arek nempo tutunggangan abah tuh ",  pas ditempo ku abah teh ngadangong gede, meong meong namah, ngan wujudna mangkalikali lipat gedena tibatan meong biasa.
Kiminan Jeung Kilinan teu di pikanyaho datangna dimana atawa saha pamajikan atawa nu jadi indungna saha,  eta anak  jeung bapa dilembur CIbeureum datangna teu dipikanyaho oge euweuhna teu diteangan.
                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                              
Bah Badol Jeung Bah Gora
     lembur cibeurem emang tempatna di eusian ku jalma jalma aneh, didongengkeun  sacara turun tumurun Si Gora Jeung Si Badol  anu mangrupa aki-aki, anu disebut teu waras henteu, disebut waras oge beda kalakuannana jeng jelma jelma sejen. Si Badol Jeng Si Gora jelema anu gampang dititah , daekan , jeng jauh kana hal- hal anu sifatna fatamorgana, maranehna hirup saayana imahna ge ukur jadi tempat reureuh. Si Bagol Jeung si Gora ka asup jalma nu unik sabab salian manehna kahirupanana beda jeng batur manehna oge siga deukeut kana alam, kacaritakeun manehna teh sok ngala kalapa jenteuing kalapa saha wae anu boga ,  dina hiji sawah aya tangkal kalapa bah aban,  bakating ku aus maranehna nerekel naek , acan anggeus - anggeus acan bah Saban ngagorowok  " Gora !! turun sia Gora !!! kalapa aing ulah diala!! sorosod Sigora turun can napak napak acan si Gora kana taneuh bah Aban langsung ngadekeun bedogna kana suku Sigora, sleubet.....  suku si Gora ngampleh saeutik deuimah buntung, Sigora jeung si Badol langsung lumpat ka ci miis bakating deukeut jeng alam eta suku sigora anu tadina ngampleh rek buntung rapet deui sanggeus diasupkeun kana eta liang cimiis,  sajaba ti eta si Gora Jeng Si Badol oge pernah rek di bere duit sakarung Ku nini- nini nang Manehna embungeun, kahirupan Sigora Jeung Si Badol anu jauh jeung haliah dunya ngahiasan eta lembur dina jamanna. 

Dongeng Abah Ucan
bah ucan mangrupa mitohana  bah iman,  masih keneh nngadulur kana bah ali (abahna abah)
       bah ucan katelah jelema anu sakti anu teu nembongkeun diri, sok make iket loreng samping. bah Ucan  miboga dua ka ahengan,  hiji bisa nyangu, nyanguna lain siga jalma biasa dina hiji  wanci  pamajikanana bah Ucan  teu bogaeun suluh ker nyangu , gek weh diuk diluhur bale tuurna diasupkeun kana pangrawutan di jero hawu dihurungkeun eta hawu tepi ka asakna eta sangu dikaluarkeun deui eta tuurna teu nanaon, sajaba tieta bah Ucan kungsi ambleus ka jero bumi  geus pleubah beuheungna ngan teu jadi, kanyahoan manten ku pamajikannana bah ucan kaluar deui. bah Ucan miboga guru orang palabuan guruna sanajan geus maot di caritakeun sok ngalongok ka bah ucan , sok ngabejaan mun disawah aya garong, " tuh disawah aya beurit"

Dongeng Tegal Lenang
     Di Desa Cibeureum di dongengkeun (amarhum masarnati) aya nu ngarana tegal lenang, lamun ayeunamah di cicingan ku hiji wangunan nyaeta wangunan Desa Sinarsari, bareto saencan aya desa didongengkeun kolot-kolot teh si tegal teh lenang, disebut lenang da siga sirah botak euweuh buukan, si tegal teh taneh weh teu aya jukutan hiji- hiji acan, kunaon atuh lenang? naha teu sarua jeung taneh- taneuh sejen ? ilaharna mun taneuh aya ditengah- tengah sawah sok di eusian ku jukut hiji dua mah, kunaon atuh bisa kitu? cenah cek kolot bareto, eta tegal teh dieusian ku mahluk mahluk halus, bangsa jin jeng sabangsana eta tegal teh boh di tegalna atawa di sabudereun eta sawah kacida angkerna.  Bareto pernah aya 3 kulawarga anu nyicingan eta tempat dijieun imah handapeun tegal  , kulawarga  nu kahiji unggal poe teh berang kalawan peuting di ganggu wae di imah na oge, geus bangku tea teu daekeun cicing , naon tea, heuh poko namah sagala rupa teu pararuguh, ku sabab kitu nu nyicingan imah teu kuateun  pindah. diganti ku kulawarga ka dua jeung katilu, sarua wae teu kuateun pararindah. tah ti sabat harita didinya teu aya anu ngisian eta tempat. dina mangsana pernah hiji warga di sebrang jauha ngadenge sora gamelan rame pisan, da bakating ku resep ditutur tutur eta sora gamelan teh biki di samperkeun biki harus sorana, pas dideukeutan eta sora yakin eta sora aya didinya singhoreng  disampeurkeun  eta sumber sora aya di tegal lenang , geus tepi ka tegal lenang eta sora ngaleungit. jeung dicaritakeun oge (bapa Aca/ amarhum bah Anam) dina jamana eta tegal lenang pernah ngaluarkeun goong dina eta tegal bijil goong kakalayangan aya warga nu nempoeun. sajaba tikitu lobakeneh ka angkeran dina eta tempat, oge di sabudereunana nyaeta sawah anu lega cenah sok aya hiji mahluk anu jangkungna sajangkung tihang  kawat, jeung sorana siga naon, jeung rea- rea deui nu sejenna. kiwarimah eta tempat boh tegal lenang boh sawahna  sabudereunana tos rame, di wangun tempat, tegal lenang sagedengeun katuhuna di wangun desa sinarsari , oge pernah di wangun kolam renang , nang teu payu. terus oge sawahna di bangun perkomplekan alam sinarsari, ku ijinna lurah sinarsari nyaeta lurah Ucu sabat anjeunna ngajabat. cenak cek kolot pangeusi eta tegal boh goong boh nu sejenna tos pindah ka gunung salak, da ayeunamah katempo kusorangan tegal teh geus pinuh ku jukut.

silsilah
bah oyot asmar >  bah  saran  >   mauyut >  masarnati > bapa

oyot asmar
didongengkeun ti kolot bareto , memang oyot asmar teh aya di tanggerang sabat carita biwir ka biwir teh, ngan di dongengkeun oyot asmar mah asalna teh ti bogor ,  baretonamah di caritakeun oyot asmar teh jelema teu bener tukang ngarampog, nang pas eureun-ereunna ngarampog , sabat di lingkung ku walanda didereded ambleus kajero balong cisadane , di caritakeun dijero walungan teh ka panggih jeung sabangsanik sato galak siga buaya nang teu waranieun ngadareukeutan ka eta oyot asmar, sababaraha poe di jero walungan jebul - jebul di tanggerang , diutanggerang oyot vasmar ngalalakon , jadi jhelema anu miwaha, jeung anak – anak jaradi p[ejabat pamarentah, incu- incuna jaradi amil.


salajeungna
---- dongeng tegal loceng
----- dongeng darmaga (pasar darmaga)